Yayan Kato, Pipanteseun Jadi Nominasi Sutradara Pinunjul Féstival Drama Basa Sunda X

Catetan DHIPA GALUH PURBA
yayan-kato
Ieu mah saukur pamadegan kuring salaku aprésiator biasa, taya patula-patalina jeung juri atawa panitia Féstival Drama Basa Sunda X. Sabada genep poé nengetan sakur pintonan drama ti sawatara patandang, Yayan Kato, Sutradara “Randu Jalaprang” ti Téater Awal UIN Sunan Gunung Djati, katingalina asa pipanteseun upama kapilih jadi salahsahiji nominasi sutradara pinunjul Féstival Drama Basa Sunda X.
Puguh baé bisa nyebut pipanteseun téh ditilik tina garapan “Randu Jalaprang” anu dipintonkeun ku kelompokna. Hiji sutradara, tangtu baé kalintang mangaruhanana kana suksés atawa henteu suksésna pagelaran téater. Téater Awal UIN Sunan Gunung Djati Bandung geus bisa némbongkeun kualitasna dina ngagelar pintonan “Randu Jalaprang”.


Dikutip Dari : http://galuh-purba.com/yayan-kato-pipanteseun-jadi-nominasi-sutradara-pinunjul-festival-drama-basa-sunda-x/

Tidak ada komentar:

Posting Komentar

Share This